Jalan-jalan ke Curug Sawer


Jalan-jalan ka Curug Sawer

Hayu rang picnic ka Sukabumi. Hayu atuh.
Ke ke, kamana ka Sukabumina....?
Ka Sukabumi we...?

Ah gak jelas. Tapi its ok. Hayu lah...!
Dinten harita keneh, kuring sinareng rerencangan arangkat ka Sukabumi. Opatan, ditambih tiluan.

Picnic na ngangge mobil, sanes ngangge motor. Janten tiasa bobo. Ah kulem we satiasa-tiasa, tapi sesah geuningan. Mung sakarelep rarasaan mah, bakat kutunduh.

Aku bermimpi mungkin,
Seperti kata ustadz yang ceramah jum’at ini :
Wa ‘aamiilusholihati wahuwa mu’min.
Bahwa seorang mu’min yang beramal sholeh, atau sebaliknya sesorang yang beramal sholeh dan dia seorang mu’min (beriman kepada Allah SWT sebagai khaliq, rabb kita) akan Allah beri dia kehidupan yang baik.
Kehidupan yang baik didunia dan juga di akhirat nanti.
Kebaikan hidup didunia menurut Ibnu Katsir meliputi  :
1.       Ditanamkan pada jiwanya rasa Qona’ah. Merasa cukup dan selalu bersyukur atas apapun pemeberian Allah SWT. Sebab tidak nerima/tidak ridho malah justru hanya nambah masalah.
2.       Diberi jalan rezki dari yang halal saja.
3.       Dimudahkan untuk selalu beramal sholeh. Senang berbuat kebaikan, semangat beribadah.
4.       Dimudahkan untuk selalu bertaubat jika berbuat salah. Nabi aja beristighfar minimal 100 kali sehari.
5.       Sabar dalam menghadapi segala kesulitan atau ujian hidup, semakin tinggi batang pohon semakin kuat anginnya.
6.       Tawakal dalam berusaha maupun beribadah, la haula wala quwwata illa billahil ‘aliyyil ‘adziim.
7.       Juhud, alias lebih mementingkan akhirat dibanding dunia ini. Dunia dijadikan ladang untuk meraih kebahagiaan akhirat.

Angkatna ti siang keneh tabuh hijian. Mung rupina hiji sareng sanes hal, antukna janten kasontenan.

Dongkap di perbatasan Sukabumi sakinten tabuh genep langkung, waktosna sholat maghrib heula. Di jama’ taqdim sareng sholat Isya supados engke tentrem, Bandung-Sukabumi 96 km tebihna.

Sadongkapna di bumi rerencangana rerencangan, simkuring sinareng nu sanesna oge teras wae istirahat di bale-bale nu aya di payun bumi nu aya taman sareng kolam lauk nu caina herang ngagenclang. Raos angin ngahiliwir ti gigir, tipayun oge tihandap talupuh.

Ngantosan sangu liweut nu teu acan asak saurna. Sareng bade nyobian liwet Arab, sareng masakan Arab nu sanesna. Ieu rerencangana rerencangan teh memang sigana turunan Arab, ah heunteu ketang pedah we janggotna ni ngarumbay pisan.
  


Sangu liweut nu diantos an,  parantos rengse rupina. Namina liweut Arab...sangu kebab.
Raos oge,  rasana rupi - rupi,  aya amis aya asin,  aya haneut,  aya rasa gambiran, sareung nu sanes na.  Rupina seueur bumbu rempah na.  Raos sih tapi rada teu acan kaletahan wungkul... Janten rada aneh. Sangu mun ceuk bhs Arab na mah disebut na teh rujj... Mirip bhs Inggris nyaeta rice.  Mun bhs Inggris mah, sangu nu asak disebat rice, nu atah oge rice.

Beas disebat rice, pare oge rice.  Beda mun bhs Sunda.  Tangkal sangu disebat melak pare. Marab hayam ku pare disebat bangsal.  Pare di heler janten Beas, Beas nu bubuk disebat.......,  Beas di seupan janten sangu. Mun nyangu dilobaan caina meh encer disebat bubur. Mun nyangu teu asak,  disebat gigih. Mun sangu dikulub benten deui namina,  aya lontong aya pais aya kupat, aya leupeut,  mun jerona di dagingan janten leumpeur. Sangu mun sapiring disebat sangu,  tapi mun saeutik sanes sangu deui tapi disebatna remeh. 

Tah Tina bhs remeh ieu muncul kecap remeh temeh, muncul kecap dianggap remeh. Mun sangu diuyahan digalo sareng opak atanapi kurupuk atanapi oncom disebatna teh tutug. 

Mun isuk isuk neda leupeut najan dugi ka wareug ge disebatna teu acan tuang, komo mun ngan saeutik mah disebatna ngaganjeul. Janten mun teu acan pendak sangu mah moal disebat tuang padahal bahana sarua tinu beas, tinu rice. Tah kitu bhs Sunda mah,  seueur pisan kecap kata na teh.  

Teu karaos sangu kebab teh tos ampir aya sapiringna.  Ngariung sangu kebab dibahekeun dina nampan samodel tatakan nu ageung. Asa emut nuju di kobong di pasantren.  Hayam seep sakeureut, aya jengkol aya peuteuy aya lalab aya sambeul.  Rupina ieu jamuan katampi pisan ku rerencangan abdi mah komo.  Ah sok ngajual batur.
Wareug rupina abdi mah,  da nembe tuangna mun dipiringan mah aya 2,5 piringeun mah.  Ieu bakal mawa tunduh kitu ceuk rarasaan mah.

Eungap moal bisa sare siga na, ah mending urang lalajo film G-30 S PKI di bale desa. Tos mang taun taun tara lalajo soal na.

Sarua babaturan ge hayangeun lalajo nobar.  Nya geus laleumpang weh mapay gang turun ka jalan. 

Rame pisan film G-30-S PKI mah.  Pikasieuneun pisan,  geueuman musik na ge.  Jrang jring jreng suanteun na kakuping ti kateubihan keneh.  Matak inggis,  Matak muriding bulu punduk.  Abdi duaan teu wawartos bade nobar kanu di bumi tadi. Da rarasaan mah moal lami.  Tapi geuning kalah katuluyan da kagok teu dugi anggeus mah moal puguh cerita na.  Akhirna ditareangan ku pak Rw sareung pak kadus, eh heunteu pa RW mah, babaturan na pa RW. 

Nya rerencangan abdi kan pak RT,  da ari abdi mah kateulahna mah pak lurah. Abdi teu atoh oge teu bangga di angkeun janten pak lurah.  Naha...?.  Soalna eta mah bhs pergaplehan.  Kitu.

Waktos teu karaos,  mangsa teu kerasa.  Ieu tos tubuh 12 weungi.  Najan panasaran hoyong dugi ka geusan,  tapi da tos aya nu nyusul jadi weh baralik rang sarare wae. 

Teu karaos kuleum teh,  tos isuk deui geuning ayeuna mah.  Hudang urang sholat subuh adzan tos kakuping nembe. 

Ngantosan sarapan heula,  rencana na bade ameung ka curug Sawer.  Ngantosan sangu mah sok asa lami komo upami patuangan nuju kosong kieu.  Asa lain tungguaneun. Ning rang ngopi heula, bari nungguan bari ngawangkong ngawadul kemana kareup. Saka ingeut. 

Wah ieu mah kebab deui sugan.  Tapi lain,  ieu mah sangu goreng meunang ngagoreng campur bumbu Arab,  aya rasa haneut haneut model tinu gambir paranti nyeupah tea geuning.  Gambir na mah pait sih ngan rasa haneut na nu raos na mah.
Ieu mah wareug deui wae atuh. 


Jalan-jalan ka curug Sawer.
Jam sabaraha ieu teh akhirna tamat sarapana. Tos siap urang miang kanu di tuju ka tempat anu rek di jugjug. Kaditu ka Situ Gunung.

 
Eta teh tempatna teuing dimana. Boa teubih, boa caket. Pokona mah tuturkeun we wa haji. Aya tilu mobil, mobilna sarua kabeh merekna oge type na.  Ieu mah mobil offroad, mobil jangkung.  

Hayu lah,  siapa takut diajak jln2.  Nya heueuh atuh.
Tah,  dugi oge geuning di Situgunung. Macet mun ceuk bhs Arab na mah mujdahim, artina jalana pinuh ku kandaraan.  Loba mobil,  seueur motor. Jabaning jalana nanjak nakreuh. Jaba leutik.  Jadi weh lami ngantosan. 


Situgunung meni rame pisan pengunjung na.  Karcis na oge lumayan 60 rebuan gratis kulub sampeu, kulub boled atawa hui,  oge aya kiripik sampeu, oge aya ci kopi atanapi cai herang atanapi ci teh.  Kantun nyici keun.  Wah pedo pisan disuguhan kitu mah.. Bae 60 rebu ge. 
Duh geuning arindah titingalian didieu teh.  Hawa na oge tiis, seger.


Leuweung na karawat,  tatangkalana jarangkung garede pisan ciri ieu leuweung geus heubeul ayana,  teu dirusak jelema.  Teu di rusak ku nu teu ngaharga keun leuweung. Sae pisan didieu mah.  Dua jempol.


Tah ieu sasak gantung pang leuir na sareung pang panjang na sa Indonesia mah.  Oge pang panjang na sa ASEAN.  Alus pisan, ngan leuwang mun nempo ka handap mah, mun ngemut ka jerona jurang nu lungkawing kieu.  Aya oge nu baralik deui,  sieuneun meuntas. Atuda sasakna sakitu panjang, laer, jangkung, katambih ku oyag na janteun palalaur nete na ge.


Rupina pemandangan di wewengkon ieu sakitu endahna.  Atoh urang jabar gaduh tempat kawas kieu.  Ieu kakayaan alam teh sakitu mahalna.  Janteun manfaat nu ageung pami tiasa ngamumule na.  Contona ieu Situgunung.  Karcis 60 rebu kali rebuan jalmi tos sabaraha sadinteun na.  Mung kade sing emut ulah ngaruntah da urang teh jelema sarakola SD SD wae mah.  Bisa maca bisa nulis,  bisi mikir.
Ieu tempat Pokona.... Edun. 

Wassalam. 

Posting Komentar

0 Komentar