Tos wancina

Sinatria nu kapilih, Wangi Akhlak Seungit Iman 

=====================


Silih asih mere seungit 

Silih asah ku wawangi 

Dugina ka Siliwangi 

Silih deudeuh beda pikir 

Silih geugeut benten pipi

Nepina ka Siliwangi 


Sapapait samamanis 

Mun pait ditampi seuri 

Mun amis ditampa ceurik

Seuri ceurik jadi leuwi 

Leungit napakkeun wawangi 

Pasrah sumerah sajati 


Sabatin saleuwi asih 

Melak asih ku kapeurih 

Disiram sabar nu lantip

Bareng satia ngajagi 

Silih ngait ajen diri 

Buahna hurip nu sigih 


Saksina ti payun dugi 

Para nonoman nu sakti

Dangiang beunghar kinasih 

Pangeran nu moksa galih 

Sinatria nu kapilih 

Mirig Prabu Siliwangi 


__________


Kaagungan Pajajaran 

Ngahaja ditunda heula 

Leungit teu aya sesana 

Dugi ka cunduk waktuna 

Para Pangeran nu moksa 

Lumungsur ka Pajajaran 


Kiwari wanci mustari 

Pangeran tos lahir deui

Indung solehah nu nampi 

Bapa mutakin (taqwa) nu nyanggih 

Awak anyar rohna sami 

Sagala elmu kajait 


Saseungit hing sawawangi 

Lain wawangi malati 

Sanes puspa rampe kantil 

Seungit paripolah wening 

Wangi kaihlasan batin

Silih seungit silih wangi 


Seungit sanes samanea 

Nyambuang ti wening manah 

Hiliwir sumping ti Uga 

Buktos manunggaling Gusti

Amal ibadah katampi 

Seungitna ngolembar dugi 


Wangina ngecrikan nyaah 

Seungitna ngulem kaasih

Balarea ararasih 

Paheula heula darongkap 

Lir kumbang mabok ka kembang 

Asihan titipan Gusti 


Linuhung junun ma’rifat 

Kaweruh Nabi kaudag 

Wangi Akhlak seungit Iman 

Purbatisti Purbajati 

Mugi tiasa kasanggih 

Jadi daging janten getih

Tangtos wangina ngolembar 

Kaseuseup jalma sadunya 


Salengkah sapamuntangan 

Lengkah endah gerak Gusti 

Lengkah gagah nyaah Allah 

Rahayat teu ngarasa boga 

Pamingpin jempling ka wenang 

Napas Allah anu nyangga 


Sapancuran sakocoran 

Keclakan cipanon Adam

Kocor peurih asih Hawa 

Puseurna Sunda 

Getihna ti Dienul Islam 

Tunggal ummatan wahidan... 


(Dikutip dina: 

Pantun “Niskala Purbajati” 

Karya: R.M. Imam Mudrika Sanusi) 


~Tunggul Wangi Sajati~

Posting Komentar

0 Komentar