Sajak ti Ujung Genteng



Lalakon ka Ujung Genteng
dijugjug tebih na teu dianggap enteng

Ampleng-amplengan teu manggih tungtung, bujur ge ni asa gepeng

teu nepi teu dugi teu eleh geleng
Momotoran beurang jeung peuting, ka jalan alus ka jalan nu goreng


Opatan babarengan, duaan silih ngabonceng

Bandung Naringgul pakidulan
Ngaliwatan sawah jeung pategalan

rupa lemburna ancul-anculan
pasisir pulo jeung mapay kampung
Ngalangkung lembah jeung gunung-gunung




Ngeunahna jalan Pakidulan
Teu manggih macet pamohalan
Jarang jalmi anu ngalangkung
Ngan hanjakal capena kalangkung-langkung




Ti Bandung ti riung gunung
Ka Cidaun ka bumi ujung
Ujung genteng nu eukeur nanjung
raosna teh pami tuang ngariung
Sareung lauk oge kangkung
Beuteung mah nepi ka melendung
Boh kitu siga nu keur ngandung



Endahna lelegok di bumi tanjung
Nu matak moal manggih pundung
Najan waktos dugi katungtung
Lain carita burung



Ngagorolong ngagurulung
Ti bumi lutung kasarung
Kuring asa teu kaduhung
Najan kuring teu adiluhung
Najan lain asa adigung
Da kuring mah teu boga sihung



Balikna moal kapahung
Kaditu ka pulau burung
Moal jadi jalma nu bingung
Kudunage rumaos untung


Lain jalma nu ngarasa buntung
Kupedah teu boga tangtung
Kupedah teu boga gedung
Kupedah teu boga sapatu hurung


Lain lutung sanes bilatung
Jung geura nangtung
Geura boga bendera nu nyungcung
Kaditu ka tanjung lesung


Ulah hilap kanu di sarung
Ulah poho kanu di kurudung
Komo ka abah jeung indung
Boh di Sumedang boh di Bandung
Boh ti Jakarta boh ti Mega Mendung


Ulah matak dugi kasandung
Ulah sok ngagugulung kaembung
Sing cangehgar sing hayam pelung


Jug na parahu jug ngadayung
Sugan panggih jeung putri duyung
Sugan panggih jeung nu di tiung


Ulah sok resep tatarung
Ulah sok ngadu bangbarung
Bilih matak engke kaduhung
Ngaharurung jeung babaung
Dugi ka beureum na irung


Sakitu nudipikahatur
Tisimkuring nu nuju di Bandung
Sareng neda hapunten kanu Maha Agung
Bilih lepat kecap bilih salah bengkung


Bandung, 04 Februari 2017

Posting Komentar

0 Komentar